1 Raja-raja 22
Geus dua taun leuwih urang Israil jeung urang Siria henteu silih perangan.
Dina katilu taunna, hiji waktu Yosapat raja Yuda natamu ka raja Israil.
Raja Ahab ngalahir ka para perwirana, "Urang teh kajongjonan. Na moal ngarebut deui Ramot di wewengkon Gilad ti Raja Siria? Wewengkon urang eta teh!"
Geus kitu saurna ka Raja Yosapat, "Kumaha anjeun kersa nyarengan kaula ngarebut Ramot?" Waler Yosapat, "Ari leres mah bade ka ditu mangga, kaula seja ngiring sareng balad sareng pasukan serdadu kuda.
Nanging saena mah naroskeun heula timbalan PANGERAN."
Raja Ahab ngumpulkeun nabi-nabina, aya opat ratus urangna. Anjeunna mariksa, "Kumaha, meunang kami nempuh ka Ramot?" Nabi-nabina bareng ngajarawab, "Tempuh! Ku PANGERAN bakal dipaparinkeun!"
Tapi saur Raja Yosapat, "Kumaha teu aya deui nabi anu sanesna, anu tiasa disuhunkeun pituduhna ti PANGERAN?"
Waler Ahab, "Aya saurang deui, Mika bin Yimla. Tapi kaula ijid, lantaran ngawejangna teh tara mere pibagjaeun kaula, ngan mere anu picilakaeun bae!" Saur Raja Yosapat, "Teu sae ngalahir kitu."
Ahab nyaur hiji ponggawa sina buru-buru ngangkir Mika.
Raja duanana ngaranggo anggoan karajaan, lalinggih dina korsina masing-masing deukeut hiji panggilingan luareun pisan lawang Samaria. Ari nabi-nabi ngawarejangna di payuneun aranjeunna.
Nabi anu ngaran Sidkia bin Kenaana nyieun tatandukan tina beusi, tuluy mihatur ka Ahab, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Ku ieu, raja bakal neunggar urang Siria, urang Siria bakal beak.’"
Nabi-nabi sejenna oge kitu ngaromongna, cenah, "Ramot tempuh, Sang Raja bakal unggul ku PANGERAN!"
Ponggawa anu dititah ngangkir Nabi Mika tea mihatur ka anjeunna, "Nabi-nabi anu sanes ngawarejangna raja tangtos unggul. Bapa oge saena mah kitu."
Waler Mika, "Demi PANGERAN anu jumeneng, Bapa mah ngan arek ngedalkeun anu diandikakeun ku PANGERAN."
Sanggeus Mika aya di payuneun raja, raja mariksa, "Mika! Meunang kami jeung Raja Yosapat nempuh ka Ramot?" Waler Mika, "Mangga tempuh! Sang Raja tangtos unggul ku PANGERAN!"
Tapi saur Ahab, "Lamun enya maneh ngomong teh ku pajenengan PANGERAN, bejakeun sabalakana bae kumaha timbalana-Na. Lain geus sering pisan kami ngomong kitu teh?"
Mika miunjuk, "Katingal ku jisim abdi balad Israil paburisat tingbalecir di pasir-pasir, lir domba teu aya nu ngangon. Ari timbalan PANGERAN, ‘Eta jelema-jelema teh geus euweuh pamingpinna. Sina baralik, sina saralamet.’"
Saur Ahab ka Yosapat, "Tuh, sanggem kaula ge tadi, nabi ieu mah tara ngawejangkeun pibagjaeun kaula, ngan anu picilakaeun bae!"
Mika sasauran deui, "Darangukeun pangandika PANGERAN! Katingal ku kaula PANGERAN keur linggih dina singgasana di sawarga, dibanding ku para malaikat-Na.
PANGERAN ngandika, ‘Saha anu bisa ngawujuk Ahab sina indit ngarurug sangkan tiwas di Ramot?’ Para malaikat ngawangsulna henteu sami, sanggem itu kitu sanggem ieu kieu.
Aya hiji roh marek ka payuneun PANGERAN sarta mihatur kieu, ‘Sim abdi tiasa.’
PANGERAN mariksa, ‘Kumaha jalanna?’ Ari piunjukna, ‘Nabi-nabina bade diwujuk supados ngabarohong ka rajana.’ Ari timbalan PANGERAN, ‘Jung geura wujuk, ku maneh tangtu beunang.’"
Mika neruskeun piunjukna, "Buktos kieu kajadianana, ieu nabi-nabi ku PANGERAN dihaja sina ngabarohongan Gamparan. Gamparan parantos dipastikeun ku PANGERAN kedah tinemu sareng bahla!"
Nabi Sidkia nyirintil ka Mika terus nampiling, sarta pokna, "Ti iraha PANGERAN ngalih ti kami terus nimbalan make biwir maneh?"
Waler Mika, "Engke ge maneh nyaho sorangan lamun geus salungkar-salingker nyumput asup kamar kaluar kamar!"
Raja nimbalan hiji ponggawa, saurna, "Tangkep Mika! Bawa ka ditu ka Amon gegeden kota, jeung ka Yoas putra raja.
Sina dijebloskeun ieu jelema teh ka jero panjara, nyatu nginumna sungkeret nepi ka engke lamun kami geus mulang reujeung salamet!"
Saur Mika, "Anu disanggemkeun ku jisim abdi bieu, sanes ge timbalan PANGERAN upami Sang Raja iasa mulih tur salamet!" Saurna deui, "Tengetkeun ieu ucapan kaula ku sarerea!"
Ahab raja Israil tulus nempuhna ka Ramot wewengkon Gilad, disarengan ku Yosapat raja Yuda.
Ahab misaur ka Yosapat, "Kaula mah perang teh rek nyamar. Sampean mah kudu nganggo anggoan karajaan." Seug raja Israil nyamar, tuluy angkat.
Raja Siria geus marentahkeun ka kapala-kapala pasukan kareta tilu puluh dua urang, saurna anu kudu ditarajang teh ngan raja Israil bae saurang, nu sejen mah ulah ditarajang.
Anu matak barang maranehna narenjo ka Raja Yosapat, sarta panyangkana anjeunna teh raja Israil, kareta-karetana dipengkolkeun arek dipake ngepung. Tapi barang Raja Yosapat ngagero,
kanyahoan yen lain raja Israil. Nu ngepung alundur deui, narajangna teu tulus.
Aya hiji serdadu mesatkeun jamparing sahinasna bae. Tapi kabeneran keuna ka Raja Ahab, kana sela-sela baju kerena. Anjeunna ngagero, marentah ka kusir kareta, "Kami tatu! Balikkeun kareta, bawa kaluar ti enggon tarung!"
Ku sabab perang keur ragot, Raja Ahab tetep aya dina karetana, nyarande, mayunan urang Siria, getih tina raheutna geus ngalukrah dina bak kareta. Barang geus burit anjeunna pupus.
Sanggeus panonpoe meh surup, kadenge aya sora parentah ka balad Israil, "Geura baralik ka sanagara-sanagarana, satanahna-satanahna!"
Kitu jalan pupusna Ahab. Layonna dibawa ka Samaria tuluy dimakamkeun.
Sabot karetana dikumbah di sisi empang di Samaria, getih anjeunna diletakan ku anjing, sarta awewe-awewe palacuran mararandi di eta empang. Tinekanan sakumaha pangandika PANGERAN.
Carita Raja Ahab, lalakonna, karaton gadingna, nagara-nagara anu diadegkeunana, kaungel dina kitab Babad Raja-raja Israil.
Sanggeus anjeunna pupus, Ahasia putrana ngagentos jadi raja.
Yosapat putra Raja Asa, mimiti jadi raja nagara Yuda teh dina kaopat taunna Raja Ahab nyangking nagara Israil,
dina yuswa tilu puluh lima taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana dua puluh lima taun. Jenengan ibuna Asuba binti Silhi.
Anjeunna oge midamel anu leres di payuneun PANGERAN sakumaha ramana. Ngan henteu ngabasmi tempat-tempat ibadah ka brahala; jalma-jalma masih keneh ngalurban jeung ngarukus di tempat-tempat kitu.
Yosapat jeung raja Israil tara silih perangan.
Carita Yosapat, lalakonna, kagagahanana dina perang, kaungel dina kitab Babad Raja-raja Yuda.
Jalma-jalma anu jararinah, anu ngabarakti ku altar-altar brahala sesa jaman ramana, awewe lalaki ku anjeunna dileungitkeun ti karajaanana.
Harita tanah Edom teu aya rajana. Anu marentah di dinya nya eta hiji wakil anu diangkat ku raja Yuda.
Raja Yosapat ngadamel kapal-kapal layar iangkeuneun ka Opir nyiar emas, tapi teu kungsi balayar, sabab kapal-kapalna kaburu barejad di Esion Geber.
Anjeunna ku Ahasia raja Israil ditawaran palaut Israil, supaya ngabantuan ka para palaut urang Yuda, tapi ku anjeunna ditolak.
Sanggeus Yosapat pupus sarta dimakamkeun di makam karajaan di Kota Daud, Yehoram putrana ngagentos jadi raja.
Ahasia putra Ahab mimiti jadi raja Israil teh dina taun katujuh belas Yosapat ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana dua taun.
Anjeunna oge midamel dosa ka PANGERAN, nurutan kajahatan Ahab ramana, nurutan kajahatan ibuna, Isebel, jeung nurutan kajahatan Raja Yarobam anu nyered urang Israil marigawe dosa.
Raja Ahasia nyembah ngabakti ka Baal, nyundut bebendu PANGERAN Allah Israil kawas ramana.